Login

Hubungi Kami

Edit Template

Selamat Hari Guru Nasional

Wilujeng Poé Guru. Mugia dunya atikan terus nanjung, luhung apanjang-apunjung. Minangka pangéling ka sadaya guru nu teu kendat ngagalindengkeun élmu jeung kadeudeuh langgeng, urang sami-sami lenyepan jeung haleuangkeun Guguritan karya suwargina Wahyu Wibisana, nu hamo laas ku jaman.

KINANTI
NINUN NAON MUNGGUH GURU

Ninun naon mungguh guru,
kentreung deui kentreung deui,
taun-taun di sakola,
taropong benang pangatik,
sorolok pakan panalar,
tut wuri jeung handayani.

Ninun naon mungguh guru,
ninun pribadi sing jadi,
nu terang jalan ka jaga,
néangan jatining hurip,
pikeun waluyana bangsa,
nagara jeung lemah cai.

Ninun naon mungguh guru,
ninun kasurtian diri,
da diri jadi érétan,
nu meuntaskeun putra-putri,
geus meuntas itu gugupay,
gupay-gupay duh anaking.

Ninun naon mungguh guru,
ninun padungdengan ati,
da haté sok rajeun waswas,
paur gawé henteu hasil,
nyangga pancén di sakola,
ngatik kabéh siswa-siswi.

111185

(Dicutat tina Kumpulan Guguritan “Riring-riring Tjiawaking”, karya Wahyu Wibisana, Pamedal Geger Sunten, 1999).

Leave a Reply

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Tulisan Terbaru

  • All Post
  • Akademik
  • Fasilitas
  • Informasi
  • Publikasi
  • Sekolah
  • Siswa
  • Umum
    •   Back
    • Berita
    • Pengumuman
    • Agenda
    • Agenda Akademik
    • Agenda Siswa
    •   Back
    • Agenda Akademik
    • Agenda Siswa
    •   Back
    • Karya Tulis
    • Aktivitas Harian
    • Karya Siswa
    •   Back
    • Osis
    • Ektrakurikuler
    •   Back
    • Media Ajar
    • Tugas
    • Sumber Belajar

SMAN 1 Pangkalan

RANCAGE

Religius, Mandiri, Cerdas, dan Gemilang

Category

Jl. Raya Pangkalan-Loji, Desa Cintaasih, Kec Pangkalan, Kab Karawang, Jawa Barat 41362
Email : surat@sman1pangkalan.sch.id

© 2023 Tim IT SMA Negeri 1 Pangkalan