
Dina ping 21 Fébruari 2024 SMA Negeri 1 Pangkalan miéling poé basa indung sadunya kalayan ngareuah-reuah ku mangrupa-rupa kagiatan. Kagiatan ieu dilaksanakeun kalayan ningkatkeun kareueus siswa-siswi SMA Negeri 1 Pangkalan kana basa Sunda.
Dina ngareuah-reuah kagiatan poé basa indung sadunya, SMA Negeri 1 Pangkalan dilaksanakeun kalayan ngayakeun pasanggiri mojang jajaka, desain poster PBII, pupuh, boy-boyan jeung galah asin.
Kagiatan ieu lumangsung kalayan gawé bareng antara ékstrakurikuler Glitters sinareng Komunitas Belajar SMA Negeri 1 Pangkalan.
